Maham Eusi Al-Qur'an


Maham Eusi Al-Qur'an

Al-Quran, salaku kitab suci umat Islam, ngandung ajaran ajaran anu jadi pituduh pikeun kahirupan manusa. Dina budaya Sunda, usaha pikeun ngartos sareng nyebarkeun eusi Al-Qur'an parantos dilakukam ku sababaraha cara, di antarana ngaliwatan tarjamahan kana basa Sunda sareng tafsir anu ngagunakeun ragam basa Sunda.

Salah sahiji upaya penting nyaéta nyusun "Mushaf Sundawi", nyaéta Al-Quran anu ditarjamahkeun kana basa Sunda. Prosés panyusunanna ngalibatkeun para ahli basa Sunda pikeun mastikeun yén tarjamahanna akurat sareng tiasa dipikaharti ku masarakat Sunda Sanajan kitu, makna Al-Qur'an tetep dipertahankeun kalayan cermat, sahingga eusi aslina henteu robih.

(https://jabar.tribunnews.com/2017/06/04/mushaf-sundawi?)

Pentingna ngagunakeun ragam basa Sunda dina nyebarkeun ajaran Al-Qur'an ogé ditepikeun ku Prof. Dr. JaJang A. Rohmana, M.Ag., Guru Besar Bidang Ilmu Tafsir di UIN Sunan Gunung Djati Bandung. Anjeuna ngajelaskeun yén pilihan ragam basa dina tarjamahan sareng tafsir Al-Qur'an kedah disaluyukeun sareng budaya Sunda, ngarah pesen-pesen Al-Qur'an tiasa ditarima sareng dipikaharti ku masyarakat Sunda sacara efektis.

Hal ieu nunjukkeun pentingna ngagabungkeun élmu basa, sosio-linguistik, etno-linguistik, sareng élmu sosial humaniora séjénna dina ngulik Al-Qur'an.

(https://uinsgd.ac.id/menyampaikan. Pesan-al-quran-melalui-bahasa-Sunda/?)

Ku kituna, usaha pikeun nyebarkeun eusi Al-Qur'an dina basa Sunda henteu ngan saukur ngeunaan tarjamahan literal, tapi ogé ngeunaan kuhaha nganterkeun pesen-pesen spiritual sareng moralna dina cara anu saluyu sareng budaya Sunda, ieu mangrupikeun bagian tina usaha pikeun ngajaga sareng ngamekarkeun kaarifan lokal dina ngartos sareng ngamalkeun ajaran Islam.

Komentar

Postingan populer dari blog ini